Ad Code

Responsive Advertisement

Contoh Soal Ujian Akhir Semester Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas 9

Contoh Soal UKK Bahasa Sunda

1. Kahirupan dunya mah kahirupan nu sakeudeung, lamun lain keur bekel ibadah mah, tangtu rugi pisan. Jalma nu katalimbeng, kasered ku gogoda setan. Nya eta geus muhit sikep hirup anu materialistis (hubuddunya) bari mopohokeunana urusan aherat. Memang dunya mah leuwih genah karasana, sabab geus nyata bungkeuleukanana. Beda deui jeung aherat nu goib, asa hese milampah pibekeleun teh. Dunya teh ujian pikeun manusa, naha eling ka Alloh naha sabalikna. Jadi poho lantaran katipu ku kaendahan dunya.
Kalimah utama tina paragraf di luhur nya eta....
a. Jelema anu muhit kana sikep matealistis bakal katipu ku kaendahan dunya
b. Urang kudu hirup materialistis tapi teu poho kana urusan aherat
c. Kahirupan dunya mah kahirupan anu sakeudeung ku kituna kahade ulah nepi ka poho kana urusan aherat
d. Urusan aherat mah urusan nu masih goib, teu cara urusan dunya nu nyata langsung karasa

2. Pamungkas, supaya kaum muslim teh hade gogog hade tagog, nya kedah kasipatan ku sipat waro tea. Jalma amis budi, hade pokna alus sikepna, pastina dijaga naon omongan nu matak mudorot, mana nu mawa mangpaat. Kitu deui, mana deui, mana sikep nu mudorot, mana sikep nu mangpaat. Ku kituna, mugia urang sadaya tiasa mibanda sikep waro. Amin ya Robbal alamin.
Ungkara di luhur kaasup kana bagean....
a. Bubuka hutbah
b. Eusi hutbah
c. Panutup hutbah
d. Kacindekan

3. Zuhud, ngutamakeun kahirupan aherat manan kahirupan dunya. Hartosna malingkeun tina kahirupan dunya nu mewah, nu sagala diaya-aya, dipusti-pusti. Ahli sufi mah nyebutkeun yen zuhud teh hartosna rido narima naon perkara nu dipasihkeun Alloh SWT. Manan kitu, dunya moal aya hartosna lamun teu digunakeun keur ibadah.
Amanat nu rek ditepikeun dina ungkara hutbah di luhur nya eta....
a. Ahli sufi mah narima jeung rido kana hal nu dipasihkeun ku Alloh SWT.
b. Kahirupan dunya moal aya mangpaatna lamun harta urang teu digunakeun keur ibadah
c. Zuhud teh hal nu kudu kapimilik ku urang tapi cara ngahontalna hese pisan
d. Urang kudu ngabogaan sipat zuhud sangkan salamet dunya-aherat

4.  Ujang, hidep calon salaki. Mangkade kudu inget, yen tanggungjawab hidep samangsa geus jadi kapala kulawarga, henteu enteng. Salaki teh pamingpin rumah tangga, anu sagala rupa kaperluan rumah tangga, boh mangrupa nafkah poko kayaning maraban, makean jeung ngimahan kulawarga. Boh kaperluan hirup sejena. Salaki teh kudu bisa ngawujudkeun suasana katengtreman, karukunan, kaharmonisan sarta kabagjaan di rumah tangga atawa sakinah tea. Diantarana ku ngahargaan hak-hak bojo jeung kulawarga.
Jejer nu dipedar tina hutbah di luhur nya eta....
a. Calon salaki teh boga pancen nu beurat dina ngambah rumah tangga
b. Salaki teh pamingpin rumah tangga, kukituna kudu ngahargaan kana hak pamajikan jeung kulawarga
c. Kawajiban nu jadi salaki enggoning rumah tangga
d. Tugas salaki neangan rejeki keur rumah tangga, tugas istri ngamangpaatkeun rejeki ti salaki.

5. Ungkara hutbah diluhur, cocogna dina acara....
a. Hutbah Jum'at
b. Hutbah idul fitri
c. Hutbah idul adha
d. Hutbah nikah

6. Jang Maman mah.......teu bisa nyekel duit, rek gede rek leutik beak bae....
a. Lesang kuras
b. Dibejerbeaskeun
c. Ieu aing
d. Leutik burih

7. Pakeman basa nu hartina bungah, kaunggel di handap ieu, iwal....
a. Lir karugrugan madu karagragan menyan putih
b. Gunung ngungun, pasir ngabangingik
c. Lir gunung tanpa tutugan
d. Bingah amarwatasuta

8. 1. Nangtukeun maksud jeung tujuan
    2. Nyusun biantara
    3. Ngumpulkeun bahan
    4. Nangtukeun jejer biantara
    5. Ngalaksanakeun biantara
Kaidah-kaidah persiapan lamun urang rek ngalaksanakeun biantara, nyaeta....
a. 1,2,3,4,5
b. 2,1,4,3,5
c. 3,1,4,2,5
d. 4,1,3,2,5

9. Kadua, Sim Kuring sadaya neda dihapunten ka Bapa-ibu sadaya. Neda dihapunten ti luhur satungtung rambut ti handap sahibas dampal, wireh sim kuring sadaya, boh nu karaos boh nu teu karaos, neda dihapunten ku galih wening, ku manah-manah nu setra.
Amanat nu rek ditepikeun dina cuplikan biantara di luhur nya eta....
a. Nurutkeun palaku biantara, bapa/ibu guru ngahampura kana kasalahanana
b. Palaku nyebutkeun yen urang salaku manusa pasti loba dosa, kukituna kudu silih lubarkeun
c. Palaku menta hampura ka bapak/ibu guru lantaran loba dosa
d. Palaku biantara ngelingan yen sakumna manusa boga kasalahan

10. Sim kuring umajak ka para nonoman nu aya dina ieu riungan, urang teh ulah cicingeun, sing caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket, pikeun ngajaga panarajang deungeun nu rek nyoba-nyoba ngaruksak budaya Sunda anu luhung tur kebek ku ajen diri. Hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, pikeun ngamumule jeung ngaronjatkeun budaya Sunda, malah mandar budaya Sunda hirup kalayan hurip dina kahirupan Sunda.
Eusi biantara di luhur, nyaeta....
a. Umajak sangkan urang sunda ngadu kabudayaan jeung budaya deungeun
b. Umajak sangkan budaya Sunda hirup dina kahirupan Sunda
c. Bukti yen budaya Sunda luhur tur kebek ku ajen luhung
d. Ngajak sangkan ngamumule, jeung ngaronjatkeun budaya Sunda

Post a Comment

0 Comments

Recent Posts